Minggu, 27 Februari 2011

artikel sastra sunda

Ngawanohkeun Aksara Sunda ku Seni Rupa
Kategori: Artikel » Dibaca: 7.032 kali » Dilebetkeun: 26-09-2007

RÉA carana keur ngawanohkeun deui aksara Sunda ka balaréa téh. Di antarana ngaliwatan karya seni rupa, saperti dina Paméran Lukisan Aksara Sunda di Gedong Yayasan Pusat Kabudayaan (YPK) Jl. Naripan No. 7-9 Bandung, 27 Séptémber tepi ka 3 Oktober 2007.

Para seniman nu sok ngalukis, saperti Windi Pratiwi, Khalid Habib, Aép Sigar Rusadi, Édi Dolan, Éddy SWK, Zulfi Akmansyah, Mier Komara, jeung Wilily Agustiman, mamérkeun karyana dina éta paméran. Cék panitia paméran, éta acara téh keur mapag poé aksara internasional jeung ulang taun Kota Bandung. Nya Bandung jeung aksara Sunda jadi téma utama éta paméran téh.

Unggal pelukis boga gayana séwang-séwangan. Kitu deui sual téknik jeung média nu dipaké ngalukis. Windi Pratiwi, upamana, ngalukisna téh dina média kaca, ari téma lukisanana ngeunaan mojang Bandung jaman kiwari nu métropolis, konsumtif, jeung hirupna hayang sarwa babari. Ari téks aksara Sunda mah ngan dipaké keur ngalengkepan komposisi lukisanana.

Khalid Habib ngalukis dina keretas daluang bari maké aksara Sunda. Nu dilukisna téh jimat keur Bandung, minangka pangharepan kana mangsa pikahareupeun ieu dayeuh nu kiwari geus sumpeg, remen banjir, réa polusi jeung heurin ku runtah.

Ari Aép Sigar Rusadi, ngalukis figur manusa nu ngagambarkeun idéntitas Bandung nu diwakilan ku Si Kabayan, mojang jeung jajaka. Éta figur-figur téh diterangkeun maké aksara Sunda.

Éddy Swk mah bangun nu ngajak mulangkeun deui panineungan ka mangsa ka tukang, ka mangsa keur leutik nalika ulin wawayangan tina daun sampeu. Éddy ngagambar objék wayang golék jeung wayang kaulinan nu dijieun tina daun sampeu. Ari téks aksara Sunda nyampak dina saban lukisanana kalawan ringkes tur basajan tapi, ngadung harti nu jero, teuleumaneun.

Mier Komara némbongkeun lukisan batik klasik Sunda dina nuansa warna kulawu. Aksara Sunda dipaké mapaésan ornamén batikna.

Zulfi Akmansyah ngalukiskeun Bandung kalawan nyokot salahsahiji sisi kahirupan para ménak Bandung jaman baheula, nyaéta tari tayub. Téks aksara Sunda dipernahkeun dina ornamén batik nu ngibing tayub.

Ari Édi Dolan mah karyana téh kentel pisan kaligrafi Sundana. Cara dina karyana nu ngagambarkeun banténg gelut jeung maung nu diwangun tina téks pupuh dangdanggula. Willy Agustiman rada béda ti seniman séjénna. Naskah Sangkuriang nu kawentar, ditulis maké aksara Sunda dina kertas nu panjangna 14 méter.

Cék Isa Perkasa, ieu paméran téh lian ti keur numuwuhkeun kasadaran masarakat sangkan bisa maca jeung nulis aksara Sunda, keur ngoréhan deui tradisi karuhun nu luhung bari midangkeun kréasi gambar nu jembar. Pangpangna keur nawarkeun muatan lokal dina dunya seni rupa di Bandung.

Kaligrafi teh lain barang anyar di dunya seni rupa mah. Nu pangdipikawanohna, kaligrafi Arab jeung Cina. Pangna kitu téh ku sabab aksara Arab jeung Cina, duanana diparaké keneh, masih ngabogaan fungsi sosial. Ari aksara Sunda nu jadi kakayaan budaya urang Sunda, kiwari ukur nyampak dina artéfak, cara dina naskah-naskah Sunda kuno. Urang Sunda réa nu teu engeuh kana éta kakayaan budaya téh.

Cék Tédi Permadi, tarékah ngawanohkeun deui cara nulis akasara Sunda téh sabenerna mah kaitung leuir mun dipatalikeun jeung Perda nomer 6 ngeunaan pelestarian, pembinaan, dan pengembangan bahasa, sastra, dan aksara nu dikaluarkeun ku pamaréntah daérah Jawa Barat taun 1996. Sabab kakara taun 2004, 2005 jeung 2006 aya program sosialisasi aksara Sunda nu ditujukeun keur para panata artistik, panata panggung, jeung pelukis di kota Bandung. Tapi najan kitu, ieu program nu digagas ku Subdin Kebudayaan Dinas Pariwisata Kota Bandung teu wudu meunang tanggapan nu hadé ti kalangan seniman.

Ieu paméran téh lajuning laku tina kagiatan méméhna. Bulan Juni 2007 aya workshop penulisan dan kaligrafi aksara Sunda. Tina éta kagiatan téh ngahasilkeun sawatara pilihan dipakéna aksara Sunda dina seni rupa nu hasilna dipamérkeun dina bulan éta kénéh, di Galéri Rumah Téh Taman Budaya Jawa Barat.***

(Ibnu Hijar Apandi/Majalah Cupumanik)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar